Selasa, 24 Desember 2013

NU MANA ? Ku Dess Sagitarina

Wening asih anu mana?
Nu bakal ningtrimkeun ati,
Mawa bagja geusan mulang,
ka wanci anu pinasti?

Tresna rasa anu mana?
Nu nungtun jalan kabagjaan,
Geusan mulang ka mangsa nu bakal datang??

Tapak lacak carita nu kalakonan..
ngambah raga pangimpian,
Tong teuing malipir pasir,
Udagan basisir mencar..

Geuning wanci ngukuntit ..
Unggal detik terus leungit,,
Mupus umur nu ka ukur..
Nu teuing nepika mana!!!

**pati nganti **

Dess Sagitarina
21 Desember 2013

Tidak ada komentar:

Posting Komentar