Selasa, 24 Desember 2013

SONO Ku Mutiara Bening / Fatimah Siti

Sore nu rehe combrek....
Tiisna sumeleket kana sela-sela kulit...
Kareret cai hujan murupuy ngusapan kaca
Nyakclakan tina biwir jandela
Mapay.... tembok nu teuas jeung combrek...

Tapi naon ieu nu haneut ?
Mapay nu kemong dina amparan pipi ?
Teu bisa disumputkeun...
Nembrak jeung acas...

Kaasih...
Tug tepi ka poe ieu...
Masih kumalangkang...
Sagala pamolah saparipolah...
Babalebatan...dina teuteup panon...
Acas tur cekas...
Oge galindengna Sora halimpu nu mepende hate...
Sora Hidep kanyaah tur kaasih...

Apan ceuk Hidep
Moal deuk ninggalkeun...
Tapi...
Tepi kiwari
Hidep teu embol-embol...
Sabab Hidep tos kalimpudan ku kabagjaan nu Hakiki
Ti MahaSuci...

Titip..nya Gusti...

Hate nu sono
Fat
241213

Tidak ada komentar:

Posting Komentar